Minggu, 20 Maret 2011

carpon joko bodo

JOKO BODO

Di lembur singkur sisi gunung sisi laut jauh kaditu ka dieu, nenggang aya hiji imah leutiik tur geus reyot. Eta imah di cicingan ku hiji nini-nini jeung jajaka anu keur meujeuhna belekesenteng. Eta jajaka ngaranna Joko Bodo, dingaranan Joko Bodo ku indung na teh sabab teu bisa maca, teu bisa nulis jeung ngitung.
Ku indungna teu disakolakeun sabab boro-boro keur nyakolakeun, keur dahar sapopoe oge timana, ngandelkeun ngalaan daun jati terus dijual ka kota diteukeurkeun kana beas jeung dengeuna.
Si Joko Bodo kacida nyaheunana ka indungna teh nyakitu deui indungna kacida nyaaheunnana teu sirikna kawas nanggeuy endog beubeureumna. Sanajan ku indungna di ogo si Joko Bodo teu ngedul, henteu wangkelang ka sepuh tara ngalawan ngan hanjakal surup kana namina nyaeta Joko Bodo.
Kacarioskeun dina hiji poe Joko Bodo dipiwarang ku indungna ka kota ngajual daun jati .

Indungna    :    Joko gancang geura indit ka kota, tuh geura jual daun jati nu geus dibengkeutan.
Joko Bodo    :    Enya Ema, kuring ayeuna pisan rek indit ka kota.

Ditengahing jalan sijoko bodo papag jeung abringan karajaan, dina kareta kencana katempo hiji awewe kacida geulisna, di Joko Bodo jorojoy aya sir bogoh hoyong kawin ka eta putri.
Ku keyeungna hayang kawin ka eta putri si Joko Bodo buru-buru balik bebeja ka Indungna

Joko Bodo    :    “Ema.........Ema.........Ema..... kuring balik, kuring hayang kawiiiinnn”
Indungna    :    “aya naon Joko, ari maneh mani ngagorowokan ?”
Joko Bodo    :    “Ema, Tadi kuring kabenerang papag jeung abringan karajaan, dina kareta katempo aya hiji awewe geuliiis pisan. Jadi kuring hayang kawin jeung eta awewe.....”
Indungna    :    “Joko tapi kaayaan urang mah sakieu buktina lieuk euweuh ragap taya, saha nu bakal daekeun ka maneh....”
Joko Bodo    :    “Ema, tapi kuring keukeuh hayang kawin jeung eta awewe...”
Indungna    :    Nya ari keukeuh bae mah, jung atuh geura indit. Ku Ema dibekeulan ngan saayana.

Kacaritakeun si Joko Bodo teh indit, ditengahing jalan di sisi leuweung da puhan ka kota teh ngaliwatan leuweung, ku sabab cape si Joko Bodo ngadon eureun ngiuhan dihandapeun caringin nepika sare pules pisan. Barang si Joko Bodo lilir beunta di hareupeunana aya hiji awewe geulis pisan sig anu tibra, si Joko Bodo kacid reuwasna bari jeung atoh. Bari nyarita sorangan.

Joko Bodo    :    “lakadalah aya awewe geulis pisan teu kudu jauh-jauh neangan ieu geus aya hareupeun, ku uing arek di bawa ka ema, tangtu ema atoheun pisan”

Teu pasini deui ngan reugeungeng eta awewe teh dipangku dibawa balik, barang nepika buruan si Joko Bodo ngaworowokan ka Indungna na bakat ku atoh.

Joko Bodo    :    “ema....ema......ema........ ieu joko mulang mawa pamajikan, ngan keur sare bakat capeeun.”
Indungna    :    “aya naon joko maneh gogorowokan rareuwas”
Joko Bodo    :    “ieu joko mawa pamajikan”
Indungna    :    “Jung atuh geura sarekeun heula sinyai teh di kamar karunya bisi capeeun”

Ku si Joko Bodo gancang disarekeun dikamar bari disimbutan bari nyarita kieu

Joko Bodo    :    “hey nyai sare sing tibra, akang jeung ema arek nyangu nyadiakeun keur dahar nyai”

Geus lila eta awewe acan hudang wae, nya Indungna nitah ka si Joko

Indungna    :    “Joko Geura hudangkeun si nyai teh sina dahar heula”
Joko Bodo    :    “Enggeus ema tapi sare keneh wae.........”

Kacaritakeun geus tilu poe masih sare keneh nya Indungna jeung Joko Bodo teh panasaran ngahudangkeun ka kamar, barang nepi ka lawang panto ka ambeu bau bangke, singhoreng eta awewe teh geus maot, si Joko Bodo nanyakeun ka emana.

Joko Bodo    :    “Ema, geuningan sinyai teh bau”
Indungna    :    Enya ujang ari jelema nu bau teh eta jelema anu geus maot.
Joko Bodo    :    “Lamun geus maot kudu di kumaha......?”
Indungna    :    “Kudu di alungkeun ka laut atawa ka jurang...”
Joko Bodo    :    Oh, lamun kitu mah ku kuring urang panggul urang alungkeun ka laut atawa ka jurang.

Kacaritakeun si Joko Bodo jeung Indungna digawe deui anu sok sapopoe dipigawe, hiji mangsa keung ngariung di imah duaan bari ngobrol, indungna ujug-ujug dut....... hitut....... anu kacida bauna. Kawas bau bangke. Nya atuh si Joko Bodo teu anta parah deui ngan reungeungyeung Indungna dipangku. Indungna gogorowokan oge teu dipalire da ceuk indungna jelema geus bau eta geus paeh, terus dialungkeun ka laut atawa ka jurang.
Tinggal manehna di imah teh sorangan kacida sedihna, keur ngahuleung kitu teu karasa manehna teh hitu..... tut.... hitutna ka ambeu bau kawas bangke. Teu antaparah deui nga berebet maneh na lumpat ngagebruskeun maneh ka laut ka jungkrang nepika maot.

DASAR DI Joko Bodo,....... BODO TEH KA TOTO LOYO....!!!!!!
      
      
      

Tidak ada komentar:

Posting Komentar